Februari 2020 - BAITUSSALAM

YAYASAN BAITUSSALAM SUKAPALA

Senin, 17 Februari 2020

Fiqih Rurukunan - Buku Mulok Yayasan Baitussalam Sukapala

ASSALAMU ALAIKUM WR WB
Redaksi Aqoidul Iman dan Fiqih Rurukunan yang dipublikasikan di https://www.baitussalam.web.id ini dikutip dari Buku Mulok Yayasan Baitussalam Sukapala. Materi ini sebenarnya sudah menjadi hapalan wajib selama puluhan tahun, bahkan jauh sebelum Yayasan Baitussalam didirikan. Materi dengan redaksi seperti ini diajarkan kepada kami sebagai hapalan wajib oleh Guru kami tercinta Almarhum Mama Kyai Haji Muhyidin (wafat 1993 M). Kami kemudian memasukan materi ini ke dalam Buku Mulok Yayasan Baitussalam Sukapala sebagai materi hapalan yang paling diprioritaskan dari materi-materi hapalan lainnya. Redaksi artikel ini mengikuti sebagaimana redaksi aslinya yang terdapat pada Buku Mulok Yayasan Baitussalam Sukapala, tentunya dengan sedikit penyesuaian dari segi layout sebagaimana layaknya artikel pada umumnya. Tujuan utama dipublikasikannya materi ini secara online di situs ini adalah sebagai alternatif bagi santri yang tidak sedang memegang buku hapalan. Oleh karena ini bersifat alternatif, maka kami sarankan agar semua santri tetap menggunakan buku asli sebagai rujukan hapalan sehari-hari. Selamat belajar online, semoga bermanfaat. 
WASSALAMU ALAIKUM WR WB

بسم الله الرحمن الرحيم

Ari Rukun Islam eta aya 5 :

  1. Ngucapkeun 2 kalimat syahadat, ari pokna syahadat nyaeta :
    Hartosna : Nyaksian sim abdi kana yen saleresna henteu aya deui pangeran anu wajib di ibadahan kalawan haq anging Gusti Allah wungkul. Sareng nyaksian sim abdi kana yen saleresna Kanjeng Nabi Muhammad eta janten Utusan Allah.
  2. Ngalakonan shalat anu 5 waktu dina saban-saban sapoe sapeuting.
  3. Mayar zakat ka mustahiqna anu 8.
  4. Puasa dina bulan romdhon anu lamina sabulan.
  5. Munggah haji ka Baitullah, namung upami kawasa. tegesna boga bekel pikeun maju jeung balikna jeung keur mukimna di Mekah. 


Ari Mustahiq Zakat eta aya 8 : 

  1. Faqir.
  2. Miskin.
  3. Ghorim.
  4. Abid mukatab.
  5. Mu’allaf.
  6. Ibnu sabil.
  7. Sabilillah.
  8. Amilin. 


Ari Rukun Iman eta aya 6 : 

  1. Iman ka Allah.
  2. Iman ka Malaikatna Allah.
  3. Iman kana Kitab-Kitabna Allah.
  4. Iman ka Rosul-Rosulna Allah.
  5. Iman kana poe Qiyamah.
  6. Iman kana papasten, Papasten hade sareng awon eta sami ti Gusti Allah. 


Ari Malaikat anu wajib dikanyahokeun eta aya 10 : 

  1. Malaikat Jibril, Padamelanana ngadugikeun wahyu ka Nabi-Nabi.
  2. Malaikat Mika’il, Padamelanana ngalungsurkeun hujan sareng ngabagi-bagi rizki.
  3. Malaikat Isrofil, Padamelanana niup song-song alam.
  4. Malaikat Izro’il, Padamelanana nyabut nyawa sakabeh makhluk.
  5. Malaikat Munkar,
  6. Malaikat Nakir, Padamelanana mariksa mayit dijero kubur.
  7. Malaikat Roqib, Padamelanana nuliskeun amal hade ayana di beulah katuhu.
  8. Malaikat Atid, Padamelanana nuliskeun amal goreng ayana di beulah kenca.
  9. Malaikat Malik, Padamelanana ngajaga lawang naraka.
  10. Malaikat Ridwan, Padamelanana ngajaga lawang surga. 


Ari Kitab anu wajib di kanyahokeun eta 4 : 

  1. Kitab Taurot, dilungsurkeunana ka kanjeng Nabi Musa AS.
  2. Kitab Zabur, dilungsurkeunana ka kanjeng Nabi Dawud AS.
  3. Kitab Injil, dilungsurkeunana ka kanjeng Nabi Isa AS.
  4. Kitab Al-Quran, dilungsurkeunana ka kanjeng Nabi Muhammad SAW. 


Ari Nabi anu wajib dikanyahokeun eta aya 25 : 

  1. Nabi Adam AS.
  2. Nabi Idris AS.
  3. Nabi Nuh AS.
  4. Nabi Hud AS.
  5. Nabi Shaleh AS.
  6. Nabi Ibrohim AS.
  7. Nabi Luth AS.
  8. Nabi Isma’il AS.
  9. Nabi Ishaq AS.
  10. Nabi Ya’qub AS.
  11. Nabi Yusuf AS.
  12. Nabi Ayyub AS.
  13. Nabi Syu’aib AS.
  14. Nabi Harun AS.
  15. Nabi Musa AS.
  16. Nabi Yasa’ AS.
  17. Nabi Dzulkifli AS.
  18. Nabi Dawud AS.
  19. Nabi Sulaiman AS.
  20. Nabi Ilyas AS.
  21. Nabi Yunus AS.
  22. Nabi Zakariyya AS.
  23. Nabi Yahya AS.
  24. Nabi Isa AS.
  25. Nabi Muhammad SAW. 


Ari Putrana Kanjeng Nabi Muhammad SAW eta aya 7 : 

  1. Sayid Qosim.
  2. Siti Zainab.
  3. Siti Ruqoyah.
  4. Siti Fatimah.
  5. Siti Umi Kultsum.
  6. Sayid Abdullah.
  7. Sayid Ibrohim. 


Ari Ciri-Cirina Balegh eta aya 3 : 

  1. Ku sabab geus sampurna umur 15 tahun, dihakna lalaki jeung dihakna awewe.
  2. Ku sabab bijil mani dihakna lalaki jeung dihakna awewe bari geus umur 9 tahun.
  3. Ku sabab hed dihakna awewe wungkul bari geus umur 9 tahun. 


Ari Babagian Cai eta aya 2 : 

  1. Cai saeutik, nyaeta cai anu kurang ti 2 kulah.
  2. Cai loba, nyaeta cai anu aya 2 kulah jeung saterusna leuwih loba ti nimbang 2 kulah. 


Ari Babagian Hadats eta aya 2 : 

  1. Hadats leutik, nyaeta hadats anu matak ngabatalkeun kana wudhu.
  2. Hadats gede, nyaeta hadats anu matak ngawajibkeun kana adus. 


Ari Farduna Wudhu eta aya 6 : 

  1. Niat dina ati dibarengkeun jeung datangna cai kana beungeut.
  2. Ngumbah beungeut.
  3. Ngumbah leungeun dua nepi kana sikuna duanana.
  4. Ngusap sirah.
  5. Ngumbah suku dua nepi kana mumuncanganana duanana.
  6. Tartib. 


Ari Perkara anu matak ngabatalkeun kana Wudhu eta aya 4 : 

  1. Ku sabab aya anu kaluar salianti mani tina salah sahijina palawangan dua.
  2. Hilang akal ku sabab sare atawa liana sare.
  3. Paantel kulit lalaki jeung kulit awewe anu pada gede duanana, lain mahramna bari teu aya halang-halang.
  4. Nyabak qubul atawa dubur anak Adam,nyabakna ku dampal leungeun atawa ku dampal ramo. 


Ari Farduna Adus eta aya 2 :

  1. Niat dina ati dibarengkeun jeung datangna cai kana kulit.
  2. Ngawalatraan sakabeh dhohirna badan ku cai. 


Ari Perkara anu matak ngawajibkeun kana Adus eta aya 6 :

  1. Ngasupkeun hasafah kana farji.
  2. Bijil mani, anu bijil bareng mimiti.
  3. Palangan ( hed )
  4. Nifas.
  5. Ngajuru.
  6. Maot. 


Ari Perkara anu diharamkeun ka jalma anu teu boga Wudhu eta aya 4 :

  1. Haram sholat.
  2. Haram thowaf. 
  3. Haram nyabak Qur’an.
  4. Haram mawana Qur’an. 


Ari Perkara anu diharamkeun ka jalma anu Junub eta aya 6 :

  1. Haram sholat.
  2. Haram thowaf.
  3. Haram nyabak Qur’an.
  4. Haram mawana Qur’an.
  5. Haram cicing di masjid.
  6. Haram macana Qur’an. 


Ari Perkara anu diharamkeun ka jalma anu Hed jeung Nifas eta aya 10 : 

  1. Haram sholat.
  2. Haram thowaf.
  3. Haram nyabak Qur’an.
  4. Haram mawana Qur’an.
  5. Haram cicing di masjid.
  6. Haram macana Qur’an.
  7. Haram puasa.
  8. Haram di tolaq.
  9. Haram ngaliwat ka jero masjid.
  10. Haram di alap suka. 

Ari saeutik-saeutikna zaman hed eta sapoe sapeuting. 
Ari galib-galibna zaman hed eta 6 poe 6 peuting atawa 7 poe 7 peuting. 
Ari lila-lilana zaman hed eta 15 poe 15 peuting. 
Ari saeutik-saeutikna zaman nifas eta saciduhan. 
Ari galib-galibna zaman nifas eta 40 poe 40 peuting. 
Ari lila-lilana zaman nifas eta 60 poe 60 peuting. 
Ari saeutik-saeutikna zaman suci antara palangan dua eta 15 poe 15 peuting. 
Ari galib-galibna zaman suci eta 24 poe 24 peuting atawa 23 poe 23 peuting. 
Sareng henteu aya batasanana pikeun lila-lilana zaman suci. 


Ari Syarat Sahna Wudhu jeung Adus eta aya 10 : 

  1. Islam.
  2. Hideng.
  3. Beresih tina hed jeung tina nifas.
  4. Beresih tina rupa-rupa perkara anu matak ngahalangan kana bisa tepina cai kana kulit.
  5. Dina anggota wudhu jeung adus ulah aya perkara anu anu matak ngabarobahkeun kana cai.
  6. Kudu nyaho kana kafardhuanana wudhu jeung adus.
  7. Ulah nekadkeun sunat kana hiji fardhu anu tetep tina sawarehna fardhu wudhu sareng adus.
  8. Caina kudu anu suci tur anu nyucikeun.
  9. Kudu geus manjing waktu.
  10. Tuluy-tuluy.manjing waktu jeung tuluy-tuluy eta pikeun jalma anu langgeng hadats. 


Ari Syarat Cukupna Susuci Ku Batu eta aya 8 : 

  1. Susucina kudu ku 3 batu atawa ku 1 batu anu berguna pikeun 3 kali ngusapkeun.
  2. Patempatan najis kudu nepi ka pangkat beresih.
  3. Najisna ulah geus garing.
  4. Najisna ulah geus pindah tina tempat asal bijilna.
  5. Najisna ulah geus kadatangan ku najis anu sejen.
  6. Najisna ulah geus urat-aret kana hasafahna atawa kana gigir-gigir duburna anu sok adek nalika nangtung.
  7. Patempatan najis ulah geus kakeunaan ku cai anu teu matak nyucikeun.
  8. Batuna kudu anu suci tur anu nyucikeun. 


Ari Persababan anu matak ngameunangkeun kana Tayamum eta aya 3 : 

  1. Ku sabab euweuh cai.
  2. Ku sabab gering anu teu meunang make cai.
  3. Ku sabab butuh kana cai, karana kahausanana hayawan anu dimuliakeun ku syara’. 


Ari Hayawan anu teu dimuliakeun ku syara’ eta aya 6 :

  1. Jalma tinggal sholat.
  2. Jalma zina muhshon.
  3. Jalma murtad.
  4. Kafir musuh.
  5. Anjing galak.
  6. Bagong. 


Ari Syarat Sahna Tayamum eta aya 10 : 

  1. Tayamumna kudu ku taneuh.
  2. Taneuhna kudu anu suci tur anu nyucikeun.
  3. Taneuhna ulah urut make.
  4. Taneuhna ulah geus kacampuran ku tipung atawa bangsana tipung.
  5. Ngamaksud mindahkeun taneuh tina tempatna taneuh kana anggota anu di usap.
  6. Kudu ngusap kana beungeutna jeung kana leungeun duana kalawan dua cokotan.
  7. Kudu ngaleungitkeun najis dina bareng mimiti.
  8. Samemeh tayamum kudu ati-ati dina nganyahokeun qiblat.
  9. Kudu geus manjing waktu.
  10. Tayamumna si jalma pikeun ngalakonan saban-saban fardhu aen. 


Ari Fardhuna Tayamum eta aya 5 : 

  1. Mindahkeun taneuh tina tempatna taneuh kana anggota anu di usap.
  2. Niat.
  3. Ngusap beungeut.
  4. Ngusap leungeun dua nepi kana sikuna duanana.
  5. Tartib antara usapan dua. 


Ari Perkara anu matak ngabatalkeun kana Tayamum eta aya 3 : 

  1. Ku sabab aya perkara anu matak ngabatalkeun kana wudhu.
  2. Ku sabab murtad.
  3. Ku sabab nyangka kana ayana cai, lamun tea mah tayamumna si jalma kulantaran euweuh cai. 


Ari Babagian Najis eta aya 3 bagian : 

  1. Najis mugholadzoh. Hartosna: najis anu dibeuratkeun hukumanana, nyaeta najis anjing sareng bagong.
  2. Najis mukhoffafah. Hartosna: najis anu dihampangkeun hukumanana, nyaeta ci kiihna budak lalaki anu umurna can 2 tahun bari can ngadahar kana salianti cai susu indungna.
  3. Najis mutawassitoh. Hartosna: najis anu pertengahan hukumanana, nyaeta sakantuna najis mugholadzoh sareng najis mukhoffafah. 

Ari patempatan anu kanajisan ku najis mugholadzoh eta bisa disucikeun ku 7 kali kumbahan,sarta salahsahijina kumbahan anu 7 eta kudu make taneuh.
Ari patempatan anu kanajisan ku najis mukhoffafah eta bisa disucikeun ku ngocorkeun cai anu bisa ngalindih tur bisa ngaleungitkeun kana jentulna najis.
Ari najis mutawassitoh eta kabagi kana 2 bagian : 
  1. Najis mutawassitoh bangsa aen, nyaeta najis mutawassitoh anu aya rupaan, aya ambeuan jeung aya rasaan. Ari nyucikeunana nyaeta ku kumbahan anu bisa ngaleungitkeun kana rupana, kana ambeuna jeung kana rasana najis mutawassithoh bangsa aen.
  2. Najis mutawassitoh bangsa hukum, nyaeta najis mutawassitoh anu henteu aya rupaan, teu aya ambeuan jeung teu aya rasaan. Ari nyucikeunana nyaeta cukup ku ngocorkeun cai kana patempatan anu kanajisan ku najis mutawassitoh bangsa hukum. 


Ari Perkara najis anu bisa jadi suci eta aya 3 :

  1. Arak dimana geus jadi cuka ku awakna sorangan.
  2. Kulit bugang dimana geus disamak.
  3. Perkara anu robah jadi hayawan. 


Ari Syarat Sahna Sholat eta aya 8 : 

  1. Kudu suci tina hadats dua.
  2. Kudu suci tina warnaan najis dina pakeanana, dina badana jeung dina tempat sholatna.
  3. Kudu nutupan orat.
  4. Kudu nyanghareup ka qiblat.
  5. Kudu geus manjing waktu.
  6. Kudu nyaho kana kafardhuanana sholat.
  7. Ulah nekadkeun sunat kana hiji fardhu anu tetep tina sawarehna fardhuna sholat.
  8. Kudu ngajauhan perkara anu matak ngabatalkeun kana sholat. 


Ari Babagian Orat eta aya 4 : 

  1. Orat lalaki kalawan mutlaq. Nyaeta : antara bujal sareng tuur.
  2. Orat awewe amat dina keur sholat wungkul. Nyaeta : antara bujal sareng tuur.
  3. Orat awewe merdeka dina keur sholat wungkul. Nyaeta : sakabeh badana, anging beungeut sareng dampal leungeun dua.
  4. Orat awewe merdeka jeung awewe amat nalika sandingeun lalaki anu lain mahramna. Nyaeta : sakabeh badana. Sareng nalika sandingeun lalaki mahramna atawa sandingeun awewe deui. Nyaeta : antara bujal sareng tuur. 


Ari Waktuna Sholat Fardhu eta aya 5 : 

  1. Waktuna sholat dhuhur. Nyaeta : ti mimiti lingsirna panon poe nepika kalangkang hiji perkara geus sarua panjangna jeung eta perkara.
  2. Waktuna sholat ashar. Nyaeta : ti mimiti panjang kalangkang hiji perkara geus leuwih saeutik tina eta perkara nepi ka surupna panon poe.
  3. Waktuna sholat maghrib. Nyaeta : ti mimiti surupna panon poe nepi ka surupna mega beureum. 
  4. Waktuna sholat isya. Nyaeta : ti mimiti surupna mega beureum nepika bijilna fajar shidiq.
  5. Waktuna sholat shubuh. Nyaeta : ti mimiti bijilna fajar shidiq nepika bijilna panon poe. 


Ari Rukun Sholat eta aya 17 : 

  1. Niat dina ati dibarengkeun jeung takbirotul ihrom.
  2. Takbirotul ihrom.
  3. Nangtung ka jalma anu bisa kana nangtung.
  4. Maca fatihah.
  5. Ruku’.
  6. Thumaninah dina ruku’.
  7. I’tidal.
  8. Thumaninah dina i’tidal.
  9. Sujud dua.
  10. Thumaninah dina sujud dua.
  11. Diuk dina antara sujud dua.
  12. Thumaninah dina diuk antara sujud dua.
  13. Tahiyat akhir.
  14. Diuk dina tahiyat akhir.
  15. Maca sholawat ka Kanjeng Nabi dina diuk tahiyat akhir.
  16. Uluk salam ka beulah katuhu.
  17. Tartib. 


Ari Perkara anu matak ngabatalkeun kana Sholat eta aya 14 : 

  1. Ku sabab hadats.
  2. Ku sabab kadatangan najis lamun teu dipiceun pada harita.
  3. Kabuka orat lamun teu di tutupan pada harita.
  4. Ngomong anu aya hartian bari ngahaja.
  5. Ku sabab aya perkara anu matak ngabatalkeun kana puasa.
  6. Barang dahar anu loba sanajan bari poho.
  7. Usik 3 usikan anu tuluy-tuluy sanajan bari poho.
  8. Loncat anu tarik.
  9. Neunggeul anu tarik.
  10. Nambahan rukun anu bangsa pagawean bari ngahaja.
  11. Miheulaan atawa mandeurikeun maneh ti imam ku 2 rukun anu bangsa pagawean bari teu aya pauduran.
  12. Niat megatkeun sholat.
  13. Nyantelkeun niat megatkeun sholat kana hiji perkara.
  14. Ragu-ragu dina megatkeun sholat. 

Ari Niat mungguh syara nyaeta maksud migawe hiji perkara bari dibarengkeun jeung prak migawena eta perkara. 
Ari patempatan niat nyaeta ati. 
Ari ngucapkeunana kana eta niat eta disunatkeun. 
Ari waktuna niat dina wudhu nyaeta nalika ngumbah kawitan juz ti antara anu kasebut beungeut. 

Ari Niat dina Sholat eta aya 3 pangkat :
  1. Lamun sholatna sholat fardhu, maka wajib kumpul dina eta niat 3 perkara: 1)Maksud migawe 2)Nangtukeun sholat anu dipigawe 3)Nekadkeun kafardhuan.
  2. Lamun sholatna sholat sunat anu diwaktu-waktu sacara sholat sunat rowatib atawa sholat sunat anu ngabogaan sabab, maka wajib kumpul dina eta niat 2 perkara : 1)Maksud migawe 2)Nangtukeun sholat anu dipigawe.
  3. Lamun sholatna sholat sunat mutlaq, maka misti dina eta niat 1 perkara : nyaeta maksud migawe. 
Ari maksud migawe nyaeta ucapan jalma anu sholat nyebut “ Usholli”. 
Ari nangtukeun sholat anu dipigawe nyaeta ucapan jalma anu sholat nyebut “Dhuhur” atawa “Ashar”. 
Ari nekadkeun kafardhuan nyaeta ucapan jalma anu sholat nyebut “Fardhu”. 

Ari Syarat Sahna Takbirotul Ihrom eta 16 :
  1. Dina sholat fardhu, takbirotul ihrom kudu tumiba dina tingkah nangtung.
  2. Kudu ku bahasa arab.
  3. Kudu ku lafadz الله 
  4. Kudu ku lafadz أكبر 
  5. Kudu nartibkeun kana lafadz الله jeung lafadz أكبر 
  6. Ulah manjangkeun kana أ lafadz الله 
  7. Ulah manjangkeun kana ب na lafadz أكبر 
  8. Ulah nasdidan kana ب na lafadz أكبر 
  9. Dina antara lafadz الله jeung lafadz أكبر ulah ditambahan ku و anu disukunkeun.
  10. Ulah ditambahan ku و dina samemeh lafadz الله 
  11. Dina antara lafadz الله jeung lafadz أكبر ulah eureun sanajan sakeudeung.
  12. Lafadz الله jeung lafadz أكبر kudu kadenge kunu macana.
  13. Kudu geus manjing waktu dina sholat anu di waktu-waktu.
  14. Ngalaksanakeun takbirotul ihrom kudu bari nyanghareup ka qiblat.
  15. Ulah ngaruksak kana hiji haraf tina haraf-harafna takbirotul ihrom.
  16. Kudu mandeurikeun takbirotul ihromna ma’mum tina takbirotul ihromna imam. 

Ari Syarat Sahna maca Fatihah eta aya 10 : 
  1. Tartib.
  2. Tuluy-tuluy.
  3. Kudu ngaraksa kana sakabeh harafna fatihah.
  4. Kudu ngaraksa kana sakabeh tasdidna fatihah.
  5. Ulah eureun sanajan sakeudeung anu matak megatkeun kana bacaan fatihah.
  6. Kudu maca kana sakabeh ayatna fatihah.
  7. Ulah cacadelan anu matak ngaruksak kana hartina fatihah.
  8. Dina sholat fardhu,bacaan fatihah kudu tumiba dina tingkah nangtung.
  9. Bacaan fatihah kudu kadenge kunu macana.
  10. Ulah aya bacaan sejen anu nyela-nyela kana bacaan fatihah. 

Ari Euruen-eureunan dina Sholat eta aya 6 : 
  1. Dina antara takbirotul ihrom jeung du’a iftitah.
  2. Dina antara du’a iftitah jeung ta’udz.
  3. Dina antara ta’udz jeung fatihah.
  4. Dina antara akhirna fatihah jeung amin.
  5. Dina antara amin jeung surat.
  6. Dina antara surat jeung ruku’. 

Ari Rukun Sholat anu wajib make Thumaninah eta aya 4 : 
  1. Ruku’.
  2. I’tidal.
  3. Sujud.
  4. Diuk dina antara sujud dua. 
Ari Ngaran Thumaninah nyaeta cicing saba’da usik sakira-kira tetep sakabeh anggota dina tempatna anu lilana sakira-kira aya sazamaneun maca سُبْحَانَ اللهِ 

Ari Syarat Sahna Sujud eta aya 7 : 
  1. Kudu napakeun kana anggota sujud anu 7
  2. Tarangna kudu dibukakeun.
  3. Kudu neu’eulkeun kana sabeurat sirahna.
  4. Ulah muru kana salianti sujud.
  5. Ulah sujud kana perkara anu sok usik dimana usik manehanana.
  6. Bobokongna kudu leuwih luhur tibatan sirahna.
  7. Kudu thumaninah dina sujud. 

Ari Anggota Sujud eta aya 7 : 
1. Tarang. 
2-3.Dampal leungeun dua. 
4-5.Tuur dua. 
6-7.Dampal ramo suku dua. 

Ari Persababan anu matak nibakeun kana Sunatna Sujud Sahwi eta aya 4 : 
  1. Ku sabab ninggalkeun hiji sunat anu tetep tina sawarehna sunat ab’adna sholat, atawa ninggalkeun sawareh tina hiji sunat ab’adna sholat.
  2. Ku sabab poho migawe hiji perkara anu matak ngabatalkeun kana sholat dimana dipigawe bari ngahaja.
  3. Ku sabab mindahkeun rukun anu bangsa ucapan kana lain tempatna.
  4. Ku sabab poho nibakeun rukun anu bangsa pagawean, sarta leuwih gede sangkaan kana leuwihna. 

Ari Sunat Ab’adna Sholat eta aya 7 : 
  1. Tasyahud awal.
  2. Diuk dina tasyahud awal.
  3. Maca sholawat ka Kangjeng Nabi dina diuk tasyahud awal.
  4. Maca sholawat ka kulawargina Kangjeng Nabi dina diuk tasyahud akhir.
  5. Qunut shubuh.
  6. Nangtung dina qunut shubuh.
  7. Maca sholawat sareng salam ka Kangjeng Nabi, ka kulawargina, sareng ka para sohabatna dina qunut shubuh. 

Ari Pauduran Sholat eta aya 2 :
  1. Ku sabab sare.
  2. Ku sabab poho. 

Ari Syarat Sahna Anut Ma’mum ka Imam eta aya 11 : 
  1. Ma’mum ulah nyaho kana batal sholat imamna.
  2. Ma’mum ulah nekadkeun kana wajib ngodhoana imam kana eta sholat.
  3. Imamna ulah anu ma’mum kanu sejen.
  4. Imamna ulah anu bodo.
  5. Cicingna ma’mum ulah leuwih hareup ti batan imamna.
  6. Ma’mum kudu nyaho kana pipindahan sholat imamna.
  7. Kudu kumpul imam jeung ma’mum dina hiji masjid atawa dina hiji wewengkon 300 siku.
  8. Ma’mum kudu niat ngama’mum atawa niat berjama’ah.
  9. Kudu ngakuran runtuyan sholatna ma’mum kana runtuyan sholat imamna.
  10. Ma’mum ulah nyulayaan ka imam dina hiji sunat anu goreng nyulayaanana.
  11. Ma’mum kudu anut ka imamna. 

Ari Gambaran Anut Ma’mum ka Imam eta aya 9 : Anu 5 di meunangkeun, Anu 4 teu di meunangkeun. 
Ari anu 5 anu dimeunangkeun nyaeta :
  1. Ma’mumna lalaki ka lalaki.
  2. Ma’mumna awewe ka lalaki.
  3. Ma’mumna banci ka lalaki.
  4. Ma’mumna awewe ka banci.
  5. Ma’mumna awewe ka awewe deui. 
Ari anu 4 anu teu di meunangkeun nyaeta : 
  1. Ma’mumna lalaki ka awewe.
  2. Ma’mumna lalaki ka banci.
  3. Ma’mumna banci ka awewe.
  4. Ma’mumna banci ka banci deui. 

Ari Syarat Sahna Jama Taqdim eta aya 4 : 
  1. Ngawitan ku sholat anu kahiji.
  2. Niat ngajama dina sholat anu kahiji.
  3. Tuluy-tuluy antara sholat anu kahiji jeung sholat anu kadua.
  4. Langgeng pauduran. 

Ari Syarat Sahna Jama Ta’khir eta aya 2 : 
  1. Niat ngajama ta’khir nalika masih keneh aya waktu migawe sholat anu kahiji.
  2. Langgeng pauduran nepika paragatna migawe sholat anu kadua. 

Ari Syarat Sahna Sholat Qoshor eta aya 7 : 
  1. Leuleumpanganana kudu aya 2 pamondokan (±81 KM).
  2. Leuleumpanganana kudu anu di meunangkeun.
  3. Kudu nyaho kana meunangna ngoshor.
  4. Niat ngoshor nalika takbirotul ihrom.
  5. Sholatna kudu anu bangsa 4 rokaat.
  6. Langgeng leuleumpangana nepika paragat sholatna.
  7. Ulah anut ka jalma anu sholatna sampurna (mutimm). 

Ari Syarat Sahna Sholat Jum’ah eta aya 6 : 
  1. Sakabehna sholat jum’ah kudu tumiba dina waktu dzuhur.
  2. Kudu di adegkeun di tengah-tengah lembur.
  3. Kudu di berjama’ahkeun.
  4. Ahli jum’ah kudu aya 40 lalaki anu merdeka,anu baleg, anu mukim kabehanana.
  5. Ulah kapiheulaan atawa kabarengan ku sholat jum’ah anu sejen anu aya di lembur eta keneh.
  6. Kudu dipiheulaan ku khutbah 2 

Ari Syarat Sahna Khutbah 2 eta aya 10 : 
  1. Kudu beresih tina hadats 2
  2. Kudu beresih tina warnaan najis, dina pakeanana, dina badana, jeung dina tempat khutbahna.
  3. Nutupan orat.
  4. Nangtung ka jalma anu bisa kana nangtung.
  5. Diuk dina antara khutbah 2 kalawan sazamaneun thumaninah dina sholat.
  6. Tuluy-tuluy antara khutbah anu ka 1 jeung khutbah anu ka 2
  7. Tuluy-tuluy antara khutbah anu ka 2 jeung sholat.
  8. Khutbah 2 kudu ku bahasa arab.
  9. Khutbah 2 kudu kadenge ku ahli jum’ah anu 40
  10. Sakabehna khutbah 2 kudu tumiba dina waktu dzuhur. 

Ari Rukun Khutbah eta aya 5 :
  1. Maca hamdalah dina khutbah anu ka 1 jeung anu ka 2
  2. Maca sholawat ka Kangjeng Nabi dina khutbah anu ka 1 jeung anu ka 2
  3. Wasiat kalawan taqwa dina khutbah anu ka 1 jeung khutbah anu ka 2
  4. Maca ayat al-quran dina salahsahijina khutbah 2
  5. Ngaduakeun muslimin lalaki jeung muslimin awewe dina khutbah anu ka 2 

Ari Perkara anu wajib dipigawe kunu hirup manfaat keur Mayit eta aya 4 :
  1. Ngadusan mayit.
  2. Mungkusan mayit.
  3. Nyolatan mayit.
  4. Ngubur mayit. 

Ari saeutik-eutikna Ngadusan Mayit nyaeta : ngumbah kana sakabeh dzohir badana mayit 
Ari sampurna-sampurnana ngadusan mayit nyaeta : 
  1. Ngumbah kana gogoreng duana mayit.
  2. Ngaleungitkeun kana kokotor tina irungna mayit.
  3. Ngaruruan kana badana mayit bari make sabun.
  4. Ngocorkeun cai kana badana mayit kalawan 3 balikan. 

Ari saeutik-eutikna Mungkusan Mayit nyaeta: pakean anu bisa nutupan kana sakabeh badana mayit. 
Ari sampurna-sampurnana mungkusan mayit lalaki nyaeta 3 lapisan anu tuluy-tuluy. 
Ari sampurna-sampurnana mungkusan mayit awewe nyaeta 2 lapisan anu tuluy-tuluy ditambah ku gaganti samping, baju jeung tiung. 

Ari Rukun Nyolatan Mayit eta aya 7 : 
  1. Niat, dibarengkeun jeung takbirotul ihrom.
  2. Maca 4 kali takbiran.
  3. Nangtung ka jalma anu bisa kana nangtung.
  4. Maca fatihah.
  5. Maca sholawat ka kangjeng nabi saba’da takbir anu ka 2
  6. Ngaduakeun ka mayit saba’da takbir anu ka 3
  7. Uluk salam ka beulah katuhu saba’da takbir anu ka 4 

Ari saeutik-eutikna Ngubur Mayit nyaeta : sakedukan anu bisa nyumputkeun kana bauna mayit jeung bisa ngajaga ka mayit tina ancaman sato galak. 
Ari sampurna-sampurnana ngubur mayit nyaeta : satangtung jeung sabeber leungeun jalma anu meujeuhna. Pipina mayit kudu sina antel kana taneuh. Badana mayit kudu sina madep ka qiblat.

Ari Persababan anu matak ngawajibkeun kana Ngalina Mayit ti jero Kubur eta aya 4 : 
  1. Ku sabab rek diadusan lamun mayitna can barobah.
  2. Ku sabab rek disanghareupkeun ka qiblat lamun mayitna can barobah.
  3. Kusabab rek nyokot barang anu dikubur sartana mayit.
  4. Ku sabab reuneuhan mayit awewe anu pantes kana hirupna eta reuneuhan. 


Ari Warnaan Nulungan eta aya 4 :

  1. Nulungan anu dimeunangkeun, nyaeta : ngadekeutkeun cai ka bangsana jalma anu wudhu.
  2. Nulungan anu nyulayaan kana kautamaan, nyaeta : ngocorkeun cai ka bangsana jalma anu wudhu.
  3. Nulungan anu dimakruhkeun, nyaeta : ngocorkeun cai ka jalma anu ngumbah kana anggota wudhunana.
  4. Nulungan anu diwajibkeun, nyaeta : nulungan ka jalma anu gering nalika apes. 


Ari Harta banda anu wajib dikaluarkeun zakatna eta aya 6 :

  1. Ingon-ingon tegesna sato piaraan anu 3 rupa, nyaeta : Sapi / munding, Domba / embe, Onta.
  2. Emas- perak.
  3. Barang perpuluhan nyaeta tatanduran jeung bubuahan.
  4. Barang dagangan.
  5. Rikaz, tegesna emas – perak sisimpenan jalma zaman jahiliyah.
  6. Ma’din, tegesna emas-perak tina pangalaanana. 


Ari Syarat wajib ngaluarkeun zakat Ingon-Ingon eta aya 6 : 

  1. Islam.
  2. Merdeka (lain abid lain amat)
  3. Milik pribadi.
  4. Geus cukup nishob.
  5. Tepung tahun.
  6. Sato aburan. 


Ari Syarat wajib ngaluarkeun zakat Barang Dagangan jeung Emas-Perak eta aya 5 : 

  1. Islam.
  2. Merdeka.
  3. Milik pribadi.
  4. Geus cukup nishob.
  5. Tepung tahun. 


Ari Syarat wajib ngaluarkeun zakat Tatanduran jeung Bubuahan eta aya 4 : 

  1. Islam.
  2. Merdeka ( lain abid lain amat )
  3. Milik pribadi.
  4. Geus cukup nishob. 

Ari mimiti nishobna onta nyaeta 5 onta. 
Ari mimiti nishobna sapi atawa munding nyaeta 30 sapi atawa munding. 
Ari mimiti nishobna domba atawa embe nyaeta 40 domba atawa embe. 
Ari mimiti nishobna emas nyaeta 20 mitsqol. Zakatna 2,5% . 
Ari mimiti nishobna perak nyaeta 200 dirham.Zakatna 2,5 % . 
Ari mimiti nishobna barang perpuluhan – tatanduran saperti pare atawa bangsal eta 5 wasaq. 
  • Upama panyeboranana nganggo biaya zakatna 5%.
  • Upama panyeboranana teu nganggo biaya, zakatna 10%. 
Ari mimiti nishobna barang dagangan eta diukurkeun kana nishobna emas-perak. 

Ari Syarat Sahna Puasa eta aya 4 :
  1. Islam
  2. Boga akal
  3. Beresih tina hed jeung tina nifas.
  4. Nyaho kana kaayaan waktu anu narima dipuasaan. 

Ari Syarat Wajibna Puasa eta aya 5: 
  1. Islam.
  2. Baleg sarta boga akal.
  3. Kuat kana ngalakonan puasa.
  4. Cageur.
  5. Muqim. 

Ari Rukun Puasa eta aya 3 : 
  1. Niat ti peuting dina puasa fardhu.
  2. Ninggalkeun perkara anu matak ngabatalkeun kana puasa.
  3. Jalma anu puasana. 

Ari Perkara anu matak ngabatalkeun kana Puasa eta aya 10 : 
  1. Murtad.
  2. Gelo sanajan sagerebegan.
  3. Hed.
  4. Nifas.
  5. Ngabijilkeun mani.
  6. Ngawati.
  7. Ngahaja-haja utah.
  8. Ngubaran anu diasupkeun kana palawangan dua.
  9. Aya perkara anu asup kana popolongoan badan.
  10. Aya perkara anu asup kana jero beuteung. 

Ari Perkara anu asup kana jero beuteung bari teu matak ngabatalkeun kana puasa eta aya 7 : 
  1. Ku sabab poho.
  2. Ku sabab teu nyaho
  3. Ku sabab dipaksa
  4. Ku sabab aya ceuhil anu kabawa ku ciduh bari hese miceuna.
  5. Kekebul jalan.
  6. Kekebul tipung.
  7. Laleur atawa bangsana laleur anu hiber. 

Ari Hukum buka ti beurang dina bulan romadhon eta aya 4 : 
  1. Buka anu diwajibkeun, saperti bukana jalma anu hed jeung anu nifas.
  2. Buka anu diwenangkeun, saperti bukana jalma anu keur nyanyabaan atawa anu gering.
  3. Buka anu teu diwajibkeun jeung teu diwenangkeun , saperti bukana jalma anu gelo.
  4. Buka anu diharamkeun, saperti bukana jalma anu ngakhirkeun ngodhoan puasa bulan romadhon karana kedul, sahingga euweuh deui waktu pikeun ngodhoan. 

Ari Warnaan buka dina bulan romadhon eta aya 4 : 
  1. Buka anu wajib qodho wajib fidyah, nyaeta bukana jalma anu mikasieun timbulna kamadharatan anyar ka makhluk anu sejen lamun diteruskeun puasana jeung bukana jalma anu ngakhirkeun ngodhoan puasa bulan romadhon karana kedul, sahingga datang bulan romadhon anu sejen.
  2. Buka anu wajib qodho teu wajib fidyah, eta mah loba pisan. Saperti bukana jalma anu sakalor.
  3. Buka anu wajib fidyah teu wajib qodho, nyaeta bukana jalma anu lantaran banget kolotna sahingga geus teu aya kamampuan deui pikeun ngalakonan puasa jeung bukana jalma gering anu geus teu aya harapan cageur deuina.
  4. Buka anu teu wajib qodho teu wajib fidyah, nyaeta bukana jalma gelo anu sabab gelona lain ngahaja. 

Ari Persababan anu matak ngawajibkeun kana Puasa Romadhon eta aya 5: 
  1. Ku sabab geus sampurna bulan sya’ban 30 poe.
  2. Ku sabab ningali kana bulan pananggalan romadhon keur jalma anu ningalina.
  3. Ku sabab tetepna paningali kana bulan pananggalan romadhon kalawan persaksian jalma anu adil dina persaksianana keur jalma anu henteu ningali kana bulan pananggalan romadhon.
  4. Ku sabab aya berita asupna bulan pananggalan romadhon ti jalma anu bisa dipercaya atawa ti jalma anu kurang bisa dipercaya ngan pedah dina hate jalma nu narima berita leuwih gede sangkaan kana benerna eta berita.
  5. Ku sabab kuatna sangkaan kana asupna bulan romadhon kalawan hasil ijtihad keur jalma anu saliru asupna bulan romadhon. 

Senin, 10 Februari 2020

Aqo'idul Iman - Buku Mulok Yayasan Baitussalam Sukapala

ASSALAMU ALAIKUM WR WB
Redaksi Aqoidul Iman ydan Fiqih Rurukunan yang dipublikasikan di https://www.baitussalam.web.id ini dikutip dari Buku Mulok Yayasan Baitussalam Sukapala. Materi ini sebenarnya sudah menjadi hapalan wajib selama puluhan tahun, bahkan jauh sebelum Yayasan Baitussalam didirikan. Materi dengan redaksi seperti ini diajarkan kepada kami sebagai hapalan wajib oleh Guru kami tercinta Almarhum Mama Kyai Haji Muhyidin (wafat 1993 M). Kami kemudian memasukan materi ini ke dalam Buku Mulok Yayasan Baitussalam Sukapala sebagai materi hapalan yang paling diprioritaskan dari materi-materi hapalan lainnya. Redaksi artikel ini mengikuti sebagaimana redaksi aslinya yang terdapat pada Buku Mulok Yayasan Baitussalam Sukapala, tentunya dengan sedikit penyesuaian dari segi layout sebagaimana layaknya artikel pada umumnya. Tujuan utama dipublikasikannya materi ini secara online di situs ini adalah sebagai alternatif bagi santri yang tidak sedang memegang buku hapalan. Oleh karena ini bersifat alternatif, maka kami sarankan agar semua santri tetap menggunakan buku asli sebagai rujukan hapalan sehari-hari. Selamat belajar online, semoga bermanfaat. 
WASSALAMU ALAIKUM WR WB

بسم الله الرحمن الرحيم

BAB I 
HUKUM AKAL 


Wajib ka sakabeh jalma balegh sarta boga akal kudu nganyahokeun aqo’idul iman anu 50. Tapi samemeh nganyahokeun eta elmu kamistian kudu nganyahokeun heula hukum akal anu 3 : 1)Wajib akal, 2)Mustahil akal, 3)Wenang akal. 

Ari ngaran wajib akal nyaeta: 
مَا لَا يُتَصَوَّرُ فِي الْعَقْلِ عَدَمُهُ 
Hartosna : Mana-mana perkara anu henteu kaharti ku akal kana euweuhna balik kahartina teh kudu aya bae. 

Ari wajib akal eta kabagi kana 2 bagian : 

Ka-1 Wajib akal dhoruri, nyaeta mana-mana perkara anu ujug-ujug kaharti ku akal bari teu kudu difikir jeung teu kudu didalilan heula, saperti ngalap tempatna jirim satempateunana. Eta akal moal ngartieun lamun disebutkeun aya jirim henteu ngalap tempat, karana sakur-sakur jirim eta kudu ngalap tempat bae. 

Ka-2 Wajib akal nadzori, nyaeta mana-mana perkara anu henteu kaharti ku akal anging kahartina teh kudu difikir jeung kudu didalilan heula, saperti wajib qidam, wajib baqo jeung saterusna ka Allah Taala, eta akal ngartina jeung netepkeunana tawaquf kana nganadzor dali-dalilna heula. 

Ari ngaran mustahil akal nyaeta: 
مَا لَا يُتَصَوَّرُ فِي الْعَقْلِ وُجُوْدُهُ 
Hartosna : Mana-mana perkara anu henteu kaharti ku akal kana ayana balik kahartina teh kudu euweuh bae. 

Ari mustahil akal eta kabagi kana 2 bagian : 

Ka-1 Mustahil akal dhoruri, nyaeta mana-mana perkara anu ujug-ujug kaharti ku akal bari teu kudu difikir jeung teu kudu didalilan heula, saperti mustahil aya jirim henteu usik henteu cicing, kalawan bareng dina hiji waktu. 

Ka-2 Mustahil akal nadzori, nyaeta mana-mana perkara anu henteu kaharti ku akal anging kahartina teh kudu difikir jeung kudu didalilan heula, saperti mustahil Allah Ta’ala anyar atawa apes jeung bangsana, eta akal ngartina jeung netepkeunana sangges mapay dalil-dalilna heula. 

Ari ngaran wenang akal nyaeta:
 مَا يَصِحُّ فِي الْعَقْلِ وُجُوْدُهُ وَعَدَمُهُ 
Hartosna : Mana-mana perkara anu kaharti ku akal kana ayana jeung euweuhna. 

Ari wenang akal eta kabagi kana 2 bagian : 

Ka-1 Wenang akal dhoruri, nyaeta mana-mana perkara anu ujug-ujug kaharti ku akal bari teu kudu difikir jeung teu kudu didalilan heula, saperti wenang jirim usik atawa cicing. 

Ka-2 Wenang akal nadzori, nyaeta mana-mana perkara anu henteu kaharti ku akal anging kahartina teh kudu difikir jeung kudu didalilan heula, saperti wenang Allah nyiksa kanu bakti ngaganjar kanu ma’siyat. Eta akal moal ngartieun, Kajaba kudu cukup nganyahokeun dalil-dalil wahdaniyatna Allah. Sahingga nepi ka nyaho bener, yen sadaya alam eta kagungan Allah damel Allah. Henteu aya hiji perkara salian Allah anu bisa mere tapak sama sakali. Jadi lazimna tina eta kaayaan akal bisa ngarti jeung netepkeun kana yen : perkara kufur, ma’siyat, iman, thoat eta sarua bae mungguh akal ka Allah. Sarta ciri hiji-hijina beunang dijieun ciri kanu sejen-sejen. Jeung tangtu akal bisa ngarti jeung netepkeun kana yen mustahil Allah Ta’ala kasifatan dzolim masing ngadamel kumaha bae oge atawa naon bae oge, karana ari anu disebut dzolim nyaeta ngajalankeun hiji perkara lain dina hakna. Barang sakabeh makhluk eta kagungan Allah damel Allah, Jadi mustahil aya dzolim ka Allah. Jadi ceuk beubeunangan akal mah eta sah aya ganjaran atawa siksaan ka unggal-unggal jalma mu’min atawa ka saban-saban jalma kafir. Barang ganjaran surga tangtu ka jalma mu’min anu tho’at, siksa naraka tangtu ka jalma kafir jeung ka jalma mu’min anu ma’siat. Eta mah lain kalawan panetepkeun akal, balik samata-mata kurniana Allah jeung nugrahana jeung adilna, anu ditetepkeun kalawan syara’ kalawan janjina Allah jeung ancamanana. Nu kalawan nugrahana milih netepkeun ganjaran surga ka jalma mu’min anu tho’at, cara kalawan adilna milih netepkeun siksa naraka ka jalma kafir jeung ka jalma mu’min anu ma’siyat. 

BAB II
AQO’IDUL IMAN 


Ari sifat anu wajib di Allah eta aya 20, anu mustahil di Allah 20, anu wenang 1, jadi 41. Anu wajib di Rosul 4, anu mustahil di Rosul 4, anu wenang 1, jadi 9. 9 jeung 41 jadi jumlah lobana Aqo’idul Iman anu wajib dikanyahokeun kalawan tafshil eta aya 50. 

--< SIFAT ALLAH >--


Ari SIFAT ANU WAJIB DI ALLAH anu 20 teh nyaeta : 
  1. Sifat Wujud. Hartosna: Aya Allah.
  2. Sifat Qidam. Hartosna: Ayana Allah bari henteu aya mimitina.
  3. Sifat Baqo. Hartosna: Ayana Allah bari henteu aya tungtungna.
  4. Sifat Mukholafatullilhawaditsi. Hartosna: Beda Allah jeung sakabeh anu anyar.
  5. Sifat Qiyamuhu binafsihi. Hartosna: Sugih Allah henteu butuh kana dzat sareng henteu butuh kanu ngayakeun.
  6. Sifat Wahdaniyat. Hartosna: Nyalira Allah henteu bingbilangan dina dzatna, dina sifatna sareng dina padamelanana.
  7. Sifat Qudrot. Hartosna: Kawasa Allah kana ngayakeun sakabeh mumkin.
  8. Sifat Irodat. Hartosna: Keresa Allah kana ngadamel sakabeh mumkin.
  9. Sifat ‘Ilmu. Hartosna: Uninga Allah kana sagala perkara anu wajib, anu mustahil sareng anu wenang.
  10. Sifat Hayat. Hartosna: Hirup Allah kalayan sanes ku roh.
  11. Sifat Sama'. Hartosna: Ngadangu Allah kalayan sanes ku cepil.
  12. Sifat Bashor. Hartosna: Ningali Allah kalayan sanes ku soca.
  13. Sifat Kalam. Hartosna: Ngadawuh Allah kalayan sanes ku aksara sareng sanes ku suara.
  14. Sifat Kaunuhu Qodiron. Hartosna: Kaayaan Allah anu kawasa.
  15. Sifat Kaunuhu Muridan. Hartosna: Kaayaan Allah anu keresa.
  16. Sifat Kaunuhu ‘Aliman. Hartosna: Kaayaan Allah anu uninga.
  17. Sifat Kaunuhu Hayyan. Hartosna: Kaayaan Allah anu hirup.
  18. Sifat Kaunuhu Sami’an. Hartosna: Kaayaan Allah anu ngadangu.
  19. Sifat Kaunuhu Bashiron. Hartosna: Kaayaan Allah anu ningali.
  20. Sifat Kaunuhu Mutakalliman. Hartosna: Kaayaan Allah anu ngadawuh. 

Ari ieu Sifat anu 20 eta kabagi kana 4 bagian, nyaeta : 
1).Sifat Nafsiyyah.
2).Sifat Salbiyyah.
3).Sifat Ma’aniy.
4).Sifat Ma’nawiyyah.

Ari anu kaasup kana Sifat Nafsiyyah eta ngan 1 Sifat, nyaeta Sifat Wujud.
Ari sababna numatak ieu Sifat anu 1 diasupkeun kana Sifat Nafsiyyah, lantaran ta’aluqna ieu Sifat ngan kana Dzat wungkul.

Ari anu kaasup kana Sifat Salbiyyah eta aya 5 Sifat, nyaeta :
  1. Sifat Qidam.
  2. Sifat Baqo.
  3. Sifat Mukholafatullilhawaditsi.
  4. Sifat Qiyamuhu binafsihi.
  5. Sifat Wahdaniyat. 

Ari sababna numatak ieu Sifat anu 5 diasupkeun kana Sifat Salbiyyah, lantaran ma’nana ieu Sifat anu 5 bangsa ngeuweuhkeun, nyaeta :
  • Hartosna Qidam : Ayana Allah bari henteu aya mimitina.
  • Hartosna Baqo : Ayana Allah bari henteu aya tungtungna.
  • Hartosna Mukholafatullilhawaditsi : Beda Allah jeung sakabeh anu anyar.
  • Hartosna Qiyamuhu Binafsihi : Sugih Allah henteu butuh kana dzat sareng henteu butuh kanu ngayakeun.
  • Hartosna Wahdaniyat : Nyalira Allah henteu bingbilangan dina Dzatna, dina Sifatna sareng dina padamelanana. 

Ari anu asup kana Sifat Ma’aniy eta aya 7 sifat, nyaeta :
  1. Sifat Qudrot.
  2. Sifat Irodat.
  3. Sifat ‘Ilmu.
  4. Sifat Hayat.
  5. Sifat Sama’.
  6. Sifat Bashor.
  7. Sifat Kalam. 
Ari sababna numatak ieu Sifat anu 7 diasupkeun kana Sifat Ma’aniy, lantaran ma’nana ieu Sifat anu 7 bangsa aya, anu tumapel kana Dzat. Sakira-kira lamun dibuka hijab tegesna halang-halang, eta tangtu bisa nenjo panon urang kana hiji-hijina ieu Sifat anu 7 

Ari anu asup kana Sifat Ma’nawiyyah eta aya 7 Sifat, nyaeta :
  1. Sifat Kaunuhu Qodiron.
  2. Sifat Kaunuhu Muridan.
  3. Sifat Kaunuhu Aliman.
  4. Sifat Kaunuhu Hayyan.
  5. Sifat Kaunuhu Sami’an.
  6. Sifat Kaunuhu Bashiron.
  7. Sifat Kaunuhu Mutakalliman. 
Ari sababna numatak ieu Sifat anu 7 diasupkeun kana Sifat Ma’nawiyyah padahal ari lafadz Ma’nawiyyyah teh eta nisbatna lafadz Ma’aniy, lantaran antara Sifat Ma’nawiyyah jeung Sifat Ma’aniy eta patali, ari patalina kieu : 
  • Satiap-tiap dina Dzat aya Sifat Kawasa, eta tangtu dina Dzat kudu aya Sifat Anu Kawasa.
  • Satiap-tiap dina Dzat aya Sifat Keresa, eta tangtu dina Dzat kudu aya Sifat Anu Keresa.
  • Satiap-tiap dina Dzat aya Sifat Uninga, eta tangtu dina Dzat kudu aya Sifat Anu Uninga.
  • Satiap-tiap dina Dzat aya Sifat Hirup, eta tangtu dina Dzat kudu aya Sifat Anu Hirup.
  • Satiap-tiap dina Dzat aya Sifat Ngadangu, eta tangtu dina Dzat kudu aya Sifat Anu Ngadangu.
  • Satiap-tiap dina Dzat aya Sifat Ningali, eta tangtu dina Dzat kudu aya Sifat Anu Ningali.
  • Satiap-tiap dina Dzat aya Sifat Ngadawuh, eta tangtu dina Dzat kudu aya Sifat Anu Ngadawuh. 

Ari ieu Sifat anu 20 eta kabagi deui kana 2 bagian : 
  • Bagian ka-1 Istighna
  • Bagian ka-2 Iftiqor. 

Ari anu asup kana Istighna eta aya 11 Sifat, nyaeta : 
  1. Sifat Wujud.
  2. Sifat Qidam.
  3. Sifat Baqo.
  4. Sifat Mukholafatullilhawaditsi.
  5. Sifat Qiyamuhu Binafsihi.
  6. Sifat Sama’.
  7. Sifat Bashor.
  8. Sifat Kalam.
  9. Sifat Kaonuhu Sami’an.
  10. Sifat Kaonuhu Bashiron.
  11. Sifat Kaonuhu Mutakalliman. 
Ari sababna numatak ieu Sifat anu 11 diasupkeun kana Istigna, karana harti Istigna didieu: sugihna Pangeran henteu butuh kanu sejen. Jadi aya makhluk jeung euweuhna makhluk eta sarua bae henteu matak jadi untung henteu matak jadi rugi ka Pangeran. Samangsa Pangeran sugih henteu butuh ka makhluk, eta tangtu Pangeran teh :
  • Kudu Aya ulah Euweuh.
  • Kudu Tiheula ulah Anyar.
  • Kudu Langgeng ulah Ruksak.
  • Kudu Beda jeung sakabeh anu anyar ulah Nyarupaan ka sakabeh anu anyar.
  • Kudu Sugih kalawan mutlak ulah Butuh kanu sejen.
  • Kudu Ngadangu ulah Torek.
  • Kudu Ningali ulah Lolong.
  • Kudu Ngadawuh ulah Pireu.
  • Kudu Anu Ngadangu ulah Anu Torek.
  • Kudu Anu Ningali ulah Anu Lolong.
  • Kudu Anu Ngadawuh ulah Anu Pireu. 
Karana lamun euweuh salahsahijina ieu Sifat anu 11, eta tangtu Pangeran teh butuheun ka makhluk. 

Ari anu asup kana Iftiqor eta aya 9 Sifat, nyaeta :
  1. Sifat Wahdaniyat.
  2. Sifat Qudrot.
  3. Sifat Irodat.
  4. Sifat ‘Ilmu.
  5. Sifat Hayat.
  6. Sifat Kaonuhu Qodiron.
  7. Sifat Kaonuhu Muridan.
  8. Sifat Kaonuhu Aliman.
  9. Sifat Kaonuhu Hayyan. 
Ari sababna numatak ieu Sifat anu 9 diasupkeun kana Iftiqor, karana harti Iftiqor di dieu: butuhna makhluk ka Pangeran. Tegesna moal pati-pati aya makhluk lamun henteu didamel ku Pangeran. Samangsa Pangeran dipake kabutuh ku makhluk, eta tangtu Pangeran teh :
  • Kudu Hiji ulah Leuwih.
  • Kudu Kawasa ulah Apes.
  • Kudu Keresa ulah Kapaksa.
  • Kudu Uninga ulah Bodo.
  • Kudu Hirup ulah Maot.
  • Kudu Anu Kawasa ulah Anu Apes.
  • Kudu Anu Keresa ulah Anu Kapaksa.
  • Kudu Anu Uninga ulah Anu Bodo.
  • Kudu Anu Hirup ulah Anu Maot. 
Karana lamun euweuh salahsahijina ieu Sifat anu 9, eta tangtu Pangeran teh moal dipake kabutuh ku makhluk. 

Ari SIFAT ANU MUSTAHIL DI ALLAH anu 20 teh nyaeta :
  1. Euweuhna Allah.
  2. Anyarna Allah.
  3. Ruksakna Allah.
  4. Nyarupaan Allah ka sakabeh anu anyar.
  5. Butuhna Allah ka makhluk.
  6. Bingbilangan Allah.
  7. Apesna Allah.
  8. Kapaksana Allah.
  9. Bodona Allah.
  10. Maotna Allah.
  11. Torekna Allah.
  12. Lolongna Allah.
  13. Pireuna Allah.
  14. Kaayaan Allah Anu Apes.
  15. Kaayaan Allah Anu Kapaksa.
  16. Kaayaan Allah Anu Bodo.
  17. Kaayaan Allah Anu Maot.
  18. Kaayaan Allah Anu Torek.
  19. Kaayaan Allah Anu Lolong.
  20. Kaayaan Allah Anu Pireu. 

Ari SIFAT ANU WENANG DI ALLAH anu 1 teh nyaeta : 
Wenang Allah ngadamel mumkin atawa tinggal ngadamelna, sabab henteu matak jadi untung henteu matak jadi rugi ka Pangeran. Ari ngaran Mumkin nyaeta : mana-mana perkara anu sarua ayana jeung euweuhna, sok pada uga hade atawa goreng. Ari ngaran hade nyaeta : mana-mana perkara anu henteu dicacad ku syara’, saperti wajib, sunat jeung wenang. Ari ngaran goreng nyaeta : mana-mana perkara anu dicacad ku syara’, saperti haram, makruh jeung khilaful aola.

--< DALIL SIFAT ALLAH >-- 


Ari dalilna yen Allah Ta’ala wajib kasifatan ku Sifat Wujud tegesna Aya, karana aya alam. Numatak aya alam jadi dalil kana ayana Alloh Ta’ala, karana alam teh anyar. Samangsa anyar tangtu aya anu nganyarkeun, karana henteu sah anyar ku awakna sorangan. Ari anu nganyarkeun teh tangtu aya, moal kaharti euweuhna ku akal. Sareng menurut dawuhan Allah : 
اَللّٰهُ الَّذِيْ خَلَقَ السَّمٰوَاتِ وَالأَرْضَ وَمَا بَيْنَهُمَا (السّجدة٤ 
Hartosna: Ari Allah eta Dzat anu Ngadamel langit sareng bumi sareng perkara anu aya antara langit sareng bumi (sapalihna nyaeta jalmi) 
Tina margi kitu, wajib kasakabeh jalma ulah poho-poho hatena ka Allah anu midamel manehanana. 

Ari dalilna yen Allah Ta’ala wajib kasifatan ku Sifat Qidam tegesna Tiheula bari henteu aya mimitina, karana eta ceuk akal lamun dikira-kirakeun Allah Ta’ala henteu Qidam, tangtu anyar. Samangsa anyar tangtu aya anu nganyarkeun. Kitu deui anu nganyarkeun teh karep kanu nganyarkeun deui. Jadi balukarna teh daor atawa tasalsul.
  • Ari hartina daor nyaeta muter, tegesna silih jieun. Saperti : Ki Zaed nyieun Ki Amar, Ki Amar nyieun Ki Bakar, Ki Bakar nyieun Ki Zaed.
  • Ari hartina tasalsul nyaeta rante-rante, tegesna henteu aya tungtungna. Padahal ari daor atawa tasalsul eta henteu kaharti ku akal. Sareng menurut dawuhan Allah : 
هُوَ الأَوَّلُ وَالأٰخِرُ وَالظَّاهِرُ وَالْبَاطِنُ (الحديد٣ 
Hartosna: Ari Allah eta Dzat anu Awal henteu aya mimitina, anu Akhir henteu aya tungtungna, anu Dzohir Sifat-Sifatna, anu Bathin Dzatna. 
Tina margi kitu, wajib ka sakabeh jalma kulantaran aya mimitina, samat- mata diayakeun ku Allah. Kudu syukuran ka Allah tina lantaran diayakeun. Ari syukuranana nyaeta kalawan tho’at ibadah ka Allah. 

Ari dalilna yen Allah Ta’ala wajib kasifatan ku Sifat Baqo tegesna Langgeng, karana eta ceuk akal lamun dikira-kirakeun Allah Ta’ala ruksak, tangtu moal Qidam, karana ari anu keuna ku ruksak tea eta wenang ayana lain wajib. Padahal ari anu wenang ayana teh eta anyar. Tapi henteu kaharti anyarna Allah Ta’ala, karana tadi geus dicaritakeun yen Allah Ta’ala wajib kasifatan ku Sifat Qidam tegesna Tiheula bari teu aya mimitina. Sareng menurut dawuhan Allah : 
وَيَبْقٰى وَجْهُ رَبِّكَ ذُوالْجَلالِ وَالإِكْرَام (الرّحمن٢٧ِ 
Hartosna: Sareng Langgeng Dzatna Allah anu Agung sareng anu Mulya.(Beda deui jeung dzatna makhluk, eta mah aya tungtungna) 
Tina margi kitu, wajib ka sakabeh jalma ulah poho-poho hatena kana maot, supaya ulah lalawora kana ibadah buat bawaeun maot. 
Ari dalilna yen Allah Ta’ala wajib kasifatan ku Sifat Mukholafatullilhawaditsi tegesna Beda Allah jeung sakabeh anu anyar, karana eta ceuk akal lamun dikira-kirakeun Allah Ta’ala sarupa jeung nu anyar, tangtu anyar. Tapi henteu kaharti ku akal anyarna Allah Ta’ala, karana tadi geus dicaritakeun yen Allah Ta’ala wajib Qidam wajib Baqo. Sareng menurut dawuhan Allah :
لَيْسَ كَمِثْلِهِ شَيْءٌ وَهُوَ السَّمِيْعُ الْبَصِيْرُ (الشورى١١
Hartosna: Henteu aya hiji perkara anu nyarupaan ka Allah, sareng ari Allah eta Dzat anu Ngadangu tur Dzat anu Ningali. 
Tina margi kitu, wajib ka sakabeh jalma kudu ngalobakeun tho’at ibadah ka Allah supaya meunang karidhoan jeung rohmat Allah. 

Ari dalilna yen Allah Ta’ala wajib kasifatan ku Sifat Qiyamuhu Binafsihi tegesna Sugih Allah henteu butuh kana dzat jeung henteu butuh kanu ngayakeun, karana eta ceuk akal lamun dikira-kirakeun Allah Ta’ala butuh kana dzat tangtu sifat, sedengkeun ari sifat tea eta henteu sah bersifat ku Sifat Ma’aniy jeung Sifat Ma’nawiyyah, padahal Allah mah bersifat ku Sifat Ma’aniy jeung Sifat Ma’nawiyyah. ana kitu Allah teh Dzat lain Sifat. Sareng menurut dawuhan Allah :
اِنَّ اللهَ لَغَنِيٌّ عَنِ الْعَالَمِيْنَ (العنكبوت ٦
Hartosna: Saenya-enyana ari Allah eta Dzat anu Sugih henteu butuh kana sakabeh alam.(Sabalikna sakabeh alam butuheun ka Allah) 
Tina margi kitu, wajib ka sakabeh jalma kudu rumasa fakir, dh’iof, hina, kurang, sarta kudu ngalobakeun du’a ka Gusti Allah , supaya dipaparin kacukupan, kabagjaan dunya akherat. 

Ari dalilna yen Allah Ta’ala wajib kasifatan ku Sifat Wahdaniyat tegesna Nyalira Allah henteu bingbilangan dina Dzatna, dina Sifatna sareng dina padamelanana, karana eta ceuk akal lamun dikira-kirakeun Allah Ta’ala bingbilangan dua atawa tilu, tangtu moal aya alam. Padahal alam geus maojud katembong ku panon. Ana kitu Pangeran teh hiji henteu leuwih. 
Ari jalanna ceuk dikira-kirakeun aya Pangeran dua, eta henteu suwung-suwung bicarana, “ Imma Ittifaq wa imma ikhtilaf “. 
Lamun ittifaq Pangeran dua tegesna sarua pada rek ngayakeun alam, tangtu kumpul anu ngalebetan dua, lebetna ngan sahiji. Eta kitu teh henteu kaharti ku akal. 
Lamun ikhtilaf Pangeran dua tegesna pasalia, nu saurang rek ngayakeun alam, nu saurang deui moal ngayakeun alam, tangtu apes salahsahijina Pangeran dua. Padahal dikira-kirakeun geus sarua pada pangkat Pangeran, teu umum apes salah sahijina Pangeran dua. Ana kitu Pangeran teh hiji henteu leuwih. Sareng menurut dawuhan Allah :
 وَاِلٰهُكُمْ اِلٰهٌ وَاحِدٌ (البقرة ١٦٣
Hartosna: Ari Pangeran maraneh kabeh eta Pangeran anu Sahiji. 
Tina margi kitu, kudu eling sakabeh jalma ka Allah, dina nalika nenjo sagala perkara, sabab sakabeh makhluk eta didamel ku Allah. Henteu pisan-pisan aya anu mere tapak hiji perkara salianti Allah. 

Ari dalilna yen Allah Ta’ala wajib kasifatan ku Sifat Qudrot, Irodat, Ilmu, Hayat, karana eta ceuk akal lamun dikira-kirakeun henteu aya di Allah salah sahijina ieu sifat anu 4, maka tangtu moal aya hawadits. padahal hawadits geus bukti katembong ku panon. Ana kitu Allah teh bersifat ku ieu Sifat anu 4. 
Ari jalanna nu matak kitu, ceuk diupamakeun ka hiji jalma nu rek nyieun imah, Eta moal pati-pati rupa imah anging kudu aya kabisa, aya kabisa moal pati-pati rupa imah anging kudu aya kadaek, aya kadaek moal pati-pati rupa imah anging kudu aya kanyaho. Kabisa, kadaek, kanyaho eta geus ma’lum bijilna tinu hirup. 

Ari dalil Sifat Qudrot anu kaduana nyaeta dawuhan Allah :
 اِنَّ اللّٰهَ عَلٰى كُلِّ شَيْءٍ قَدِيْرٌ (البقرة ٢٠
Hartosna: Saenyana Allah eta Dzat anu Kawasa kana sagala perkara. (Beda deui jeung sakabeh makhluk, eta mah apes kabeh lamun henteu dikawasakeun ku Allah) 
Tina margi kitu, wajib ka sakabeh jalma kudu rumasa apes jeung kudu sieun ku Allah dina sagala perkara, karana eta Dzat anu Kawasa nyiksa. 

Ari dalil Sifat Irodat anu ka duana nyaeta dawuhan Allah : 
فَعَّالٌ لِمَا يُرِيْدُ (البروج ١٦
Hartosna: Ari Allah eta Dzat anu Kawasa kana ngadamel kalawan ngabuktikeun sagala perkara anu dikersakeun ku Allah. 
Tina margi kitu, wajib ka sakabeh jalma kudu ngarep-ngarep dina sakabeh waktu kana dikersakeun hade, bagja, meunang karidhoan Allah. 

Ari dalil Sifat Ilmu anu ka duana nyaeta dawuhan Allah :
 اِنَّ اللّٰهَ بِكُلِّ شَيْءٍ عَلِيْمٌ (البقرة ٢٣١
Hartosna: Saenyana Allah eta Dzat anu Uninga kana sagala perkara. 
Tina margi kitu, wajib ka sakabeh jalma kudu ati-ati bisi aya cegahan anu karumpak jeung bisi aya parentahanana anu katinggal sabab tangtu kauninga ku Allah. 

Ari dalil Sifat Hayat anu ka duana nyaeta dawuhan Allah: 
وَتَوَكَّلْ عَلَى الْحَيِّ الَّذِيْ لَا يَمُوْتُ (الفرقان ٥٨
Hartosna: Sareng kudu pupuntangan aranjeun kabeh ka Allah, Dzat anu Hirup anu tara maot .(Beda deui jeung sakabeh makhluk, eta mah hirupna sok kakeunaan ku maot) 
Tina margi kitu, wajib ka sakabeh jalma kudu pasrah sumerah ka Allah. 

Ari dalilna yen Allah Ta’ala wajib kasifatan ku Sifat Sama, Bashor, Kalam nyaeta dawuhan Allah:
وَهُوَ السَّمِيْعُ الْبَصِيْرُ (الشورى ١١
Hartosna: Sareng ari Allah eta Dzat anu Ngadangu tur Dzat anu Ningali. 
Sareng menurut dawuhan Allah :
وَكَلَّمَ اللّٰهُ مُوْسَى تَكْلِيْمًا (النساء ١٦٤
Hartosna: Ngaleungitkeun hijab Gusti Allah ti Kanjeng Nabi Musa, teras maparin ngadangu Gusti Allah ka Kanjeng Nabi Musa kana dawuhan Allah anu Qodim. 
Sareng menurut katerangan akal : lamun dikira-kirakeun henteu kasifatan Allah Ta’ala ku Ngadangu, Ningali sareng Ngadawuh, maka tangtu kasifatan Allah ku lalawananana, nyaeta Torek, Lolong sareng Pireu. Ari kasifatan ku lalawananana tea eta kurang. Ari kurang tea eta henteu kaharti ku akal 

Ari dalilna Sifat Ma’nawiyyah anu 7 eta sakumaha dalilna Sifat Ma’aniy anu 7, nyaeta : 
Ø Dalil Sifat Kaunuhu Qodiron hiji keneh jeung dalilna Sifat Qudrot 
Ø Dalil Sifat Kaunuhu Muridan hiji keneh jeung dalilna Sifat Irodat 
Ø Dalil Sifat Kaunuhu Aliman hiji keneh jeung dalilna Sifat Ilmu 
Ø Dalil Sifat Kaunuhu Hayyan hiji keneh jeung dalilna Sifat Hayat 
Ø Dalil Sifat Kaunuhu Sami’an hiji keneh jeung dalilna Sifat Sama’ 
Ø Dalil Sifat Kaunuhu Bashiron hiji keneh jeung dalilna Sifat Bashor 
Ø Dalil Sifat Kaunuhu Mutakalliman hiji keneh jeung dalilna Sifat Kalam 

Ari dalilna yen Allah Ta’ala wenang ngadamel mumkin jeung tinggalna, karana eta ceuk akal lamun dikira-kirakeun Allah Ta’ala wajib ngadamel mumkin jeung tinggalna, maka tangtu kabalik perkara wenang jadi wajib atawa jadi mustahil. Padahal ari kabalikna perkara wenang jadi wajib atawa jadi mustahil eta henteu kaharti ku akal, karana tangtu kabalik hakekatna perkara. 

--< SIFAT ROSUL >-- 


Ari Sifat anu wajib di Rosul anu 4 teh nyaeta :
  1. Sifat Shidiq, hartosna wajib Rosul bener.
  2. Sifat Amanah, hartosna wajib Rosul kariksa.
  3. Sifat Tabligh, hartosna wajib Rosul ngadatangkeun perkara anu kudu didatangkeun ka umat.
  4. Sifat Fathonah , hartosna wajib Rosul pinter. 

Ari lalawananana nyaeta :
  1. Bohong.
  2. Cidra.
  3. Salingkuh.
  4. Belet. 

Ari Sifat anu wenang di Rosul anu 1 teh nyaeta Sifat A’rodhul Basyariyyah.
Hartosna : pirang-pirang sifat kamanusaan anu henteu matak ngurangan kana pangkatna Rosul, saperti : tuang, leueut jeung kulem tapi ngan socana wungkul henteu sareng manahna. 

--< DALIL SIFAT ROSUL >-- 


Ari dalilna yen Rosul wajib Shidiq tegesna bener dina pangakuanana jadi utusan jeung sagala perkara anu didatangkeun ka umat eta rohmat ti Allah, karana eta ceu akal lamun dikira-kirakeun Rosul bohong, maka tangtu dawuhan Allah ka para Rosul eta bohong deuih. karana Gusti Allah tos ngabenerkeun ka para Rosul ku mu’jizat tegesna dipaparin rupi-rupi perkara anu nyulayaan kana biasa. Ari ngabenerkeun kanu bohong, eta bohong deuih. Tapi henteu kaharti ku akal bohongna dawuhan Allah Ta’ala. 

Ari dalilna yen Rosul wajib Amanah tegesna kariksa, nyaeta tara midamel perkara anu diharamkeun atawa anu dimakruhkeun, karana eta ceuk akal lamun dikira-kirakeun Rosul Cidra tegesna midamel perkara anu diharamkeun atawa anu dimakruhkeun, maka tangtu perkara haram atawa makruh jadi wajib ka Rosul. padahal Allah henteu miwarang midamel perkara haram atawa makruh. 

Ari dalilna yen Rosul wajib Tabligh tegesna ngadatangkeun perkara anu kudu didatangkeun ka ummat, karana eta ceuk akal lamun dikira-kirakeun Rosul Salingkuh tegesna nyumputkeun perkara anu kudu didatangkeun ka ummat, maka tangtu urang sadayana dipiwarang nyumputkeun elmu, karana urang dipiwarang kudu turut ka rosul dina patekadan ucapan sareng padamelan lian perkara anu jadi katangtuan ka Rosul. Padahal henteu meunang nyumputkeun elmu, karana saha-saha jalma anu nyumputkeun elmu eta dila’nat ku Allah. 

Ari dalilna yen Rosul wajib Fathonah tegesna pinter, karana eta ceuk akal lamun dikira-kirakeun Rosul belet, maka tangtu Rosul moal bisa ngalawan hujjah kanu maduan. padahal ari henteu bisana Rosul ngalawan hujjah kanu maduan eta henteu kaharti ku akal. karana loba tempat dina Al Quran anu nerangkeun kana hujjahna Rosul kanu maduan. 

Ari dalilna yen Rosul wenang kasifatan ku Sifat A’rodhul Basyariyyah tegesna pirang-pirang sifat kamanusaan anu henteu matak ngurangan kana pangkatna Rosul, eta dalilna dalil Musyahadah tegesna katingali kalawan nyatana ku para shahabat yen Rosul katetepan A’rodhul Basyariyyah.
Kami tidak membagikan file-nya untuk menjaga keseragaman.
Santri DTA Miftahul Anwar Yang Berhasil Menghapal Materi Ini Di Luar Kepala Insya Allah Akan Diberi Hadiah